WILUJEUNG TEPANG TAUN, EMAK!

 22:12     19 April 20XX

   Kuring ningali érloji digital nu aya dina leungeun nu dibalutan perban. Kirang leuwih ngan sajam 45 menit deui nepi ka tengah peuting. Buru-buru, kuring nginjek pedal gas ka tujuan kuring saterasna, imah emak, nu jarakna sajam perjalanan ti rumah sakit —tempat kuring ayeuna.

   Kuring mangrupakeun anak hiji-hijina dina kulawarga. Kuring geus ditinggal bapa sataun lalu ku lantaran kasalahannana sorangan. Kuring kasebat anak nu tegas ku tatangga, saking tegasna teu aya anu wani ka kuring. Kuring ogé miboga sipat barangasan. Ayeuna kuring gawé jadi jagal di hiji pasar di Kota A.


23:15     19 April 20XX

   Ahirna kuring nepi di imah emak. Kuring ngetok panto imah. Teu aya jawaban. Meureun emak masih kénéh saré? Nya, sanggeus kamatian bapa, emak janten sering ririwit. Malah ti tadi isuk, pas kuring angkat damél, emak teu hudang-hudang.

   Kuring tuluy asup ka kamar emak. Beungeutna nu bodas pias sareng biwirna nu geus teu aya warnaan deui katingal éndah dina mata kuring. Kuring nengetan éta beungeut lekat-lekat. Kuring nyaah ka emak.

   Kuring nangkeup awak emak nu tiis. Aya meureun 15 menit kuring nangkeup emak, emak masih kénéh saré. 

   “Emak, ieu kuring. Emak, wilujeung tepang taun, Mak! Hampura mun kuring masih kénéh loba salah ka Emak. Ayeuna kuring geus teu ambek deui ka emak. Kuring hayang emak siga baheula deui... Mak, bangun, Mak!”

   Emak teu ngajawab. Baé lah, emak kecapéan meureun jadi saré waé. Kuring neundeun kado nu geus kuring mawakeun di laci di pinggireun kasur. 

   Pas kuring badé ka kamar mandi, kuring teu sangaja nincak cairan anu warnana beureum geutih. 

   “Duh emak naha sih?! Tong sok untah dimana waé atuh! Kuring téh capé, Gusti!”

   Buru-buru kuring ngaberesihan kamar emak. Emak masih kénéh saré. Ku lantaran mata kuring nu tos teu kuat deui, kuring ngaléngkah ka kamar. Kuring saré.

 

05:03     20 April 20XX

   Kuring hudang bari ngucek-ngucek mata. Hulu kuring karasa nyeuri pisan, meureun éfék obat nu kamari soré kuring inum. Kadéngé sora loba jalma di luar imah, aya siriné mobil polisi ogé. Dimana emak? Kuring ngecék kamar emak. Emak, naha teu hudang-hudang?

   “TONG GERAK! ANGKAT LEUNGEUN! ANJEUN URANG TÉWAK!”

Comments

Popular posts from this blog

JUMAWA BERAKHIR KECEWA